Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kélong (kumpulan épisodeu kahirupan sapopoé Jang Udin, anak Jurutulis désa jeung babaturanana), Ahmad Bakri méré atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hadé tur akur jeung babaturanana, jeung sajaban…
Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung, Pangandaran, waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya. Yoyo, salah saurang di antarana, papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen. Waktu keur paduduaan, urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula. Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu pik…
galiwatan carita-carita dina Kasambet (kumpulan episodeu kahirupan sapopoe Jang Udin, anak Juru-tulis desa jeung babaturanana), Ahmad Bakri mere atikan, pengajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tata krama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa kanu sangsara, hade tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan …
Aya tujuh carpon nu dikumpulkeun dina ieu buku nu dijudulan ku salah sahiji carponna, “Nadran” tur kabéhanana kungsi dimuat dina majalah Katumbiri. Dina Nadran, saperti dina carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kahirupan pilemburan (Sunda) jadi kasang tukangna, sanajan téma dina ieu buku téh rupa-rupa, kayaning romantika hubungan lalaki-awéwé (”Nu Kungsi Eunteup dina Lelembutan” jeu…
Nu kabandang ku kuda lumping téh Jang Udin. Manéhna keur meujeuhna resep ulin, jarambah, tara nurut kana papatah kolot. Élodan deuih, nu matak basa dititah ku emana nyokot duit ti tatanggana, manéhna kabandang ku jalma réa nu ngabring ngiringkeun kuda lumping. Sabot nutur-nutur kuda lumping, duitna leungit. Mangkaning lain saeutik-eutik duit. Ladang paré kitu atuh.Rék balik sieun dicaré…