Text
Numbuk di Sue
Numbuk di Sué karya Moh. Ambri—sastrawan réalis Sunda nu kawentar—nyaritakeun pangalaman sababaraha murid sakola di Bandung ka basisir kidul di daérah Garut, nyaéta Cisompét jeung Pameungpeuk. Maranéhna arulin ka Pakidulan Garut téh waktu pakansi ahir taun sabada réngsé samen di sakolana. Pangalaman anu dicaritakeun ku Emang si kuring—nu nyaritakeun ka urang—ngagunakeun kalimat-kalimat nu teu maké subyék. Ku lantaran kitu, caritana téh jadi hirup jeung dipiwanoh ku nu macana. Dina perjalananana, maranéhna mindeng ngalaman apes, teu nepi kana nu geus direncanakeun jeung diajamkeun. Pangalaman di basisir kidul Garut nu pangdipikaresepna nyaéta moro badak—nu mangsa harita masih kénéh loba kapanggih di dinya. Malah fragmén moro badak mah kungsi ditarjamahkeun kana basa Inggris (Stories from Asia, 1978), tuluy kana basa-basa Asia kayaning Jepang, Cina, Koréa, Hindi, jll-na.
Tidak tersedia versi lain