Ti baheula mula, tug nepi ka kiwari, dongéng atawa carita nu ngandung unsur humor, nu lucu pikaseurieun, teu weléh pada mikaresep, boh ku kolot, boh ku budak. Ampir unggal bangsa jeung sélér bangsa, papada ngabogaan pepentol-pepentol carita humor nu dipikawanoh ku saban generasi. Saperti Baron von Munchaussen (Jérman), Nasaruddin Hoja (Timur Tengah, Balkan, Yunani), Abu Nawas (Irak), Juha …
Rina, Diran, Anis, jeung Emod téh opat sobat nu sarakola di SMP 1001. Hiji mangsa, Diran manggih keretas ti gudang, eusina ukur béréndélan angka hiji jeung enol. Ngan tétéla, éta angka téh nyimpen rasiah penting. Opatanana panasaran hayang manggih harti éta angka, nu disebut kodeu binér téa. Tapi maranéhna kudu adu hareupan jeung jalma-jalma nu keur néangan éta kodeu. Naha Rina sa…
“Itu tuh, euy!” cék nu saurang bari malédogkeun guruntulan taneuh garing. Enya baé oray bedul, cék Ochank dina haténa. Awakna gedé semu buntet, sisitna mani hérang. Oray téh dikepung ku lobaan, bari ditarimbulan. Bek aya anu keuna kana awakna. Oray ngagorémpal, tapi terus ngaléor deui. Ku barudak terus dibeberik. “Enggeus euy, tong dipaéhan!” omong Ochank bari ngahalangan bud…
Numutkeun Kang Ibing mah, nulis carita humor téh leuwih hésé ti batan ngabodor dina panggung. “Ngabodor dina panggung mah langsung katénjo seuri jeung teu seurina jelema téh. Ari ku tulisan mah, teuing.”Dulag Nalaktak téh mangrupa buku kumpulan carita humor Usép Romli H.M. anu panganyarna. Tina judulna gé moal boa bakal ngahudang kapanasaran. Mun henteu ngeunah seuri nepi ka nge…
Geus Surup Bulan Purnama nyaritakeun suasana nalika Rosul pupus: alum nguyungna para sahabat jeung reueuk ceudeumna langit Madinah harita. Waktu maca ieu carpon, pikiran jeung rarasaan urang bakal dibawa ka hiji mangsa, ka hiji tempat, nu kahalang ku anggang waktu rébuan taun. Implengan urang bakal anjog ka dinya, ka hiji tempat: bumi Rosululloh. Urang asa ningal layon Rosul nu ngalu…
Teu jauh ti lembur aya tangkal kiara nu umurna geus ratusan taun. araneom, geueuman, disebutna Legok Kiara. Rea dongengna Legok Kiara teh. Cenah nu ngalanto ka dinya mah balikna sok terus gering. Dipahing pisan barudak ulin ka Legok Kiara, kmo wanci sareupna mah da cenah aya nu ngageugeuhna. Hiji mangsa, basa keur milu moro beurit, Emod jeung si Sadun ulinna kamalinaan. Teu engeuh geuning mara…
(Dilélér Hadiah Samsoedi 2003) Singa sajodo anu kacida galakna ngahaja dikencarkeun. Saha anu bisa maéhan jaluna, baris dijenengkeun raja. Ari anu maéhan bikangna bakal diganjar duit tilu ratus keton emas. Radén Utara bisa maéhan singa jalu. Ari singa bikangna dipaéhan ku Radén Utari. Saenyana éta dua sadulur téh keur ngalalana, pikeun ngalaksanakeun pancé…
Lembur Haur Geulis keur harénghéng, lantaran aya budak nu leungit. Cék kapercayaan urang lembur, éta budak téh kasarung di Leuweung Tutupan, hiji tempat anu sanget pisan. Diran, salasahiji budak nu keur pakanci di Haur Geulis, boga maksud néangan éta budak. Manéhna ngajak baturna, Rina jeung Emod, pikeun ngajugjug Leuweung Tutupan. Mimitina mah, Emod jeung Rina téh arembung…
Ngaliwatan carita-carita dina Dirawu Kélong (kumpulan épisodeu kahirupan sapopoé Jang Udin, anak Jurutulis désa jeung babaturanana), Ahmad Bakri méré atikan, pangajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tatakrama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa ka nu sangsara, hadé tur akur jeung babaturanana, jeung sajaban…
Dina ieu buku dicaritakeun Sunyoto, rumaja nu indit ka Jogja néangan akina, nu cenah beunghar lantaran boga usaha pabatikan di Jogja—saperti kaunggel dina surat wasiat titinggal bapana, nu dititipkeun ka Pa Murdiam, bapa pulung éta budak. Inditna Sunyoto ka Jogja lantaran diperdaya ku Wa Arsim, lanceukna Pa Murdiam, basa Pa Murdiam gering ripuh. Di Jogja, Sunyoto ngalaman kajadian-kajadian …