Numbuk di Sué karya Moh. Ambri—sastrawan réalis Sunda nu kawentar—nyaritakeun pangalaman sababaraha murid sakola di Bandung ka basisir kidul di daérah Garut, nyaéta Cisompét jeung Pameungpeuk. Maranéhna arulin ka Pakidulan Garut téh waktu pakansi ahir taun sabada réngsé samen di sakolana. Pangalaman anu dicaritakeun ku Emang si kuring—nu nyaritakeun ka urang—ngagunakeun kalimat…
Walon Pangéran Dipanegara, "Urang karumpul di dieu téh keur musawarat, lamun tékad anjeun kitu, sarua baé jeung nipu ka jalma anu dibawa musawarat ku anjeun." … babadamian gagal. Jéndral de Kock nangtung tuluy maréntah ka opsirna supaya nangkep Pangéran Dipanegara jeung sakabéh pangiringna. Pangéran Dipanegara tuluy lungsur ti gedong permusawaratan diiringkeun ku opsir Walanda. Saen…
Basri hahadéan jeung Lili. Dina hiji peuting waktu keur nariis di Haur Duni, maranéhna bet merego Didi nyieun lampah teu uni jeung Sumarni. Didi terus ngunek-ngunek, hayang nyilakakeun Basri. Basri haben diganggu maké rupa-rupa jalan. Sajeroning kitu, Basri sok remen narima surat pondok ti "Laleur Bodas", tepi ka manéhna remen salamet tina laku jahat panggawé deungeun. Saha ari "Lal…
rita dongen Si Kabayan ayeuna lain wae dianggap bogana urang Sunda tapi geus jadi milik bangsa Indonesia. Teu aya nu brireuk deui yen tokoh Kabayan boga pasipatan anu kedul. loba akal loba ekol, kalan-kalan digambarkeun rada bodo, maksudna naif jeung absurd mindeng ngabodor jeung heureuy.
Jadi dukun sotenan kapaksa Si Kabayan mah. Saikem pamajikanana, nu sasat jadi cukang lantaranna mah. Manehna hayang males kanyeri ka salaki pedah kungsi ditampiling. Basa kadatangan semah nu neangan dukun lepus, Saikem nyebutkeun yen Si Kabayan teh dukun anu kamatihanana moal aya bangsana. Ngan cenah ku lantaran jalma mahiwal, Si Kabayan tara daek ngaku jadi dukun kajaba mun ditampiling heula. …
Rajapati di Pananjung ngagambarkeun kajadian rajapati di tempat wisata Pananjung, Pangandaran, waktu aya rombongan para pamuda datang ka dinya. Yoyo, salah saurang di antarana, papanggih jeung urut kabogohna anu geus kawin jeung nu sejen. Waktu keur paduduaan, urut kabogohna teh mulangkeun ali nu dibikeun ku Yoyo ka manehna baheula. Eta ali ku Yoyo dibikeun deui ka kabogohna nu ayeuna ngilu pik…
Kumpulan carita pondok (carpon) Kanyaah Kolot karangan Karna Yudibrata, sanajan ditulis taun 1960-an tur munggaran medal jadi buku taun 1985, dibaca deui taun 2014, topik jeung pasualan anu meulit dina diri tokoh-tokohna, angger ngagurilap. Lebah dieu unggulna sastra mun dibanding jeung tulisan wangun sejen, komo berita: tembus jaman. Sakumaha pada terang, teu sakabeh karya sastra sanggup n…
galiwatan carita-carita dina Kasambet (kumpulan episodeu kahirupan sapopoe Jang Udin, anak Juru-tulis desa jeung babaturanana), Ahmad Bakri mere atikan, pengajaran, jeung tungtunan hususna ka barudak ngeunaan tata krama urang Sunda, upamana dina ngahormat ka kolot jeung ka nu leuwih kolot, miasih ka nu leuwih ngora atawa kanu sangsara, hade tur akur jeung babaturanana, jeung sajabana. Bubuhan …
Geulis keur rumaja putri. Acining geulis ieu mah. Teu butuh ku ditataan kageulisanana, lantaran geulis ka batin-batinna. Lain geulis galur pantun, nu sok disebut waosna gula gumantung, halisna ngajelér paéh... tapi geulis nu kacipta dina sipating manusa. Nelah Kembang Patapan. Payus disebut madu kayungyun nu matak giung téh. Matak uruy ku ampuhna, kabita ku jatnikana. Geulis bari teu…
Dua Wanoja téh buku kumpulan carpon Chyé Rétty Isnéndés nu munggaran. Dua Wanoja mangrupa carpon simbolik nu mawa gagasan-gagasan kawanojaan, patalina pamikiran katut rasa wanoja jeung dirina pribadi, sasamana, lawan jinisna, dunya kréatifna, sarta masarakatna.