Aya tujuh carpon nu dikumpulkeun dina ieu buku nu dijudulan ku salah sahiji carponna, “Nadran” tur kabéhanana kungsi dimuat dina majalah Katumbiri. Dina Nadran, saperti dina carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kahirupan pilemburan (Sunda) jadi kasang tukangna, sanajan téma dina ieu buku téh rupa-rupa, kayaning romantika hubungan lalaki-awéwé (”Nu Kungsi Eunteup dina Lelembutan” jeu…
Nu kabandang ku kuda lumping téh Jang Udin. Manéhna keur meujeuhna resep ulin, jarambah, tara nurut kana papatah kolot. Élodan deuih, nu matak basa dititah ku emana nyokot duit ti tatanggana, manéhna kabandang ku jalma réa nu ngabring ngiringkeun kuda lumping. Sabot nutur-nutur kuda lumping, duitna leungit. Mangkaning lain saeutik-eutik duit. Ladang paré kitu atuh.Rék balik sieun dicaré…
Ngala Jangkrik mangrupa kumpulan carita budak beunang Holisoh M.É., pangarang wanoja anu kaceluk produktif nulis carpon déwasa. Padahal, Holisoh gé réa nulis carita pondok bacaeun budak. Dina ieu buku, Holisoh ngagunakeun gunem catur anu loma antara hiji tokoh (budak) jeung tokoh (budak) lianna anu hirup di pilemburan. Ogé kakuatan pangarangna kaciri dina nyaritakeun alam pikiran b…
Putri Ayu Punianjung téh putri hiji-hijina Prabu Rajadiraja ti nagara Ukurcatur anu geulis kawanti-wanti éndah kabina-bina; geulis taya babandinganana éndah taya papadana. Mimitina mah Nyi Putri ngarasa reueus yén dirina loba nu mikahayang téh. Ngan lila-lila mah jadi bingung sorangan kumaha carana narima panglamar nu datangna ti para raja, putra makuta, saudagar nu beurat beun…
Kaayaan Cipawening nu beuki katangen kakukuh pengkuhanana sabada krisis minyak tanah. Ayeuna kasaksen pisan. Teu nginjeum ceuli teu nginjeum panon. Pangeusi lembur nu ngahargaan lingkungan alam sabudeureun pilemburan, ti mimiti puncak pasir pangluhurna nu dijadikeun leuweung ganggong simagonggong, nepi ka dataran panghandapna di babantar Citalaga. "Sapeuting di Cipawening" – salah sahiji car…