Text
Nadran
Aya tujuh carpon nu dikumpulkeun dina ieu buku nu dijudulan ku salah sahiji carponna, “Nadran” tur kabéhanana kungsi dimuat dina majalah Katumbiri. Dina Nadran, saperti dina carpon-carpon Ahmad Bakri lianna, kahirupan pilemburan (Sunda) jadi kasang tukangna, sanajan téma dina ieu buku téh rupa-rupa, kayaning romantika hubungan lalaki-awéwé (”Nu Kungsi Eunteup dina Lelembutan” jeung “Nadran”), kapercayaan kana tahayul (Jimat), suasana dina usum ngaronda (”Musim Harénghéng”), jsb-na. Ku parigelna Ahmad Bakri ngaraéh carita, dibeungharan ku paguneman anu hirup tur direumbeuy ku humor, pantes lamun karya-karyana pangréana dibaca tur dipikaresep ku balaréa.
Tidak tersedia versi lain